Aku pernah kan cerita soal unit yang namanya LSS? Nah, aku kan ikutan unit itu tuh. Asiiik pisan! Ah pake bahasa sunda, biar keren :3
Nah, abi kan ngiring salah sahiji kasenia di unit Lingkung Seni Sunda, nyaeta Degung. Nah degung teh saleresna aya dina rangkaian upacara adat. Tapi kusabab ieu mah sanes updat, da aya sababaraha rangkaian kasenian nu teu dipintonkeun, jadi namina bulserdungyang. Tah, naha namina teh bulserdungyang? Ari bulserdungyang teh singkatan tina Umbul-umbul, Lengser, Degung, Mamayang. Nah anu disebutan eta teh perangkat nu aya dina rangkaian upacara adat.
Pokona mah resep pisan we bareng bulserdungyang teh. Oh abi teh kenging kelompok 3, kan sadayana aya 3 kelompok di degung teh. Dina bulserdungyang ieu, aya 5 lagu nu dipaenkeun. Nyaeta Sulintang, Jiro, Lengser, Mamayang, sareng Cimplung. Kelompok 1 kabagean Sulintang sareng Jiro. Kelompok 2 Lengser sareng Mamayang. Tah kelompok 3 mah Cimplung hungkul.
Sadaya kasenian ieu teh, bulserdungyang, dipimpin ku hiji kojo, nu maenkeun kendang. Saha ciing? The Kojo's na teh Kang Au, yeee~ Namina mah Auditio Mandhani. Salian ti eta, degung ge aya Koor na, aya 6 Koor degung's, aya Teh Elsa, Teh Desi, Teh Euis, Teh Yoyo, Teh Fatun, Teh Novi. Aya oge 3 palatih nu super, yeee, aya Teh Fanfan, Teh Amel, sareng Kang Birong, eh namina mah Kang Ferdi deng, hehe
Tah resep kan? Oh bener, nayagana teu acan disebutan. DI tim 1, aya Nova di Bonang, Laras di Saron 2, Zaki di Jenglong, Ivan di Goong, Endah di Saron 1. Di tim 2 aya Hellen di Saron 2, Silmi di Saron 1, Dista di Bonang, Tania di Goong, Afifa di Jenglong. Tim 3 aya abi di Saron 2, yeee, Bayu di Saron 1, Nadia di Bonang, Dewi di Jenglong, Tania deui di Goong. Kuduna mah nayaga Goong tim 3 teh sanes Tania, ngan teu jadi ngiringan degung itu na, jadi we Tania.
Lamun di mamayang, aya Ayu, Sarah, Dinda, Lintang, Selma, Nora, Laisa, Detri, Anin, Sabira, Jati, Salsa. Terus aya deui, the one and only, Lengser Bulserdungyang PMA 2013, Divi! Yeeee~
Atos we eta perangkatna. Aya oge palatih-palatih ti kasenian sanes, sigakang Hudan, palatih Lengser, Kang Angfau, sareng Kang Hedi palatih Umbul-umbul, Teh Pia palatih Mamayang. Koorna ge aya ti kasenian sanes, siga kang Api, kang Fafa, teh Riska, kang Jum. Kang Ario oge sok aya wae, kang Azkal, kang Maat, Kang Jaja, always on di Bulserdungyang, hatur nuhun sadayaa. Ieu teh aya keneh da Palatih, Koor, Apresiator nu teu acan kasebat, da seueur pisan, puntennya :)
Tah engke dinten Sabtu teh bade aya Gladi kanggo dinten Minggu na Pamentasan. Tah, tadi wengi teh latihan bareng terakhir. Sedih kan? Resep ih padahal. I got a new family, a new friend, resep we. Lamun beres pamentasan terus kumaha lamun hoyong latihan deui? huhu. Atuh nya, tiap 2 hari sakali teh latihan, dugi wengi, babarengan, heureuy bareng, uihna dianteur, kumaha teu betah atuh? Oh enya, kamari-kamari ge bulserdungyang teh aya acara jalan-jalan, makan-makan, tapi abi teu ngiring, da aya kerja kelompok. Padahal sigana rame pisanlah. Ah panjang pisan lamun dicaritakeun sadaya mah. Intina PMA 2013, Kuring Pasti Bisa! LSS ITB, Luar Biasa! Yeeee~
Komentar
Posting Komentar